Sabtu, 04 Oktober 2014

SAJAK SUNDA
 
Sajak Sunda nya eta salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati kauger ku patokan wangunan. Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bebas,kungsi oge disebut sanjak.Disebut bebas teh saenyana mah relatif, nya eta lamun dibandingkeun jeung puisi-puisi saheulaeunana, utamana upama dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku patokan guru wilangan jeung guru lagu. Saenyana mah sajak oge mageuhan keneh rupa-rupa konpensi puisi, upamana lebah diksina jeung rakitan ungkarana.Ari Taufik Faturohman mah nyindekkeun yen nu disebut sajak teh nya eta karangan ugeran anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna. 

Sajak IWAN  M. Ridwan

Cenah hirup teh jalan nu pagaliwota
Sedeng cinta ngan saukur teteguhan
Urang bebas leumpang mapay nu can kasorang
Nyorangan atawa babarengan teu jadi sual
Di mana aya kacinta di dinya urang bakal ngalalana

Cenah hirup teh kabel nu pakuranteng
Sedeng cinta ngan sakadar layar monitor
Sing nyalse. Sing daria. Tumaninah.
Sabab jaga teuing kumaha boa
Di mana aya tunggara di dinya urang eureun ngalalana.

Cenah hirup ayeuna teh di dunya
Sedeng cinta teuing di mana ngancikna

Bandung, 11 Juli 2010

Dimuat dina Galura edisi Minggu ka I Agustus 2010
Categories:

0 komentar:

Posting Komentar